Karyaku Pengabdianku

Tampilkan postingan dengan label Sajak Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sajak Sunda. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 30 September 2023

Halodo Panjang

Mangsa Halodo Panjang

Ku. Rhekasunda Permana


Beurang kacida ngabetrak ku panon poe..

Taya mangsa nu matak adem

Hanaang kana baham, hareudang kana badan

Waruga garing siga nu teu simbeuh ku cai

Bayeungyang kana rasa nu karandapan


Haseup jeung kekebul ngarungkup giwangkara nu rek midang

Siga mega nu rek mawa cihujan

Haleungheum nutup angkeub

Nu disangka sadur cur bakal kasiram

Beu singhoreng ....

ngan ukur haseup kekebul nu mancawura ka awang-awang


Jalma reang rumahuh..

Ngangluh kasusah jeung kapait nu karandapan

Sawah saat, susukan teu aya  caian ..

Balong ngoletrak , walungan nerelek caina.

Pepelakan rea nu layu tuluy gugur nalambru

Teu kuat hirup teu aya kasimbeuhan hujan

Taneuh beulah teu karapet ku baseuhna cai

walungan leutik caina teu kacaahan.

Kieu geuning halodo nu panjang

Menta sabar jeung pengabdian tian sadaya mahluk Pangeran



Dicutat tina babangluh hate dina Halodo Panjang

Kalapanunggal, 30 September 2023

Jumat, 18 Januari 2019


Geremet Zaman


           Karya : H. S. Permana


Dina zaman nu geus robah
Kuring budak…
Ukur bisa godeg ninggali
Robahna zaman kutingkah polah jalma
Pikasebelen, pikaijideun
Jeung pikaambekeun

Dina zaman nu geus robah
Kuring budak
Ngan bati ngahuleng ngaragameneng
Dina mangsa ningali
Kajadian-kajadian jeung tingkah jalma
Nu sarakah harak, ngaruksak, jeung ngagalaksak

Dina zaman nu geus robah
Kiwari, kuring budak
Ngan ukur bisa cicing ngahening ningali
Nyaksi jeung nyungsi
Robahna zaman jeung prilaku jalma

“Tina gumuruh hate ngageber rasa”
Kalapanunggal, Rebo 17 Februari 2010

Salah Sangka

  SALAH SANGKA Karya : Aura Sucia Dinianti Hai namaku Aura, aku adalah seorang siswi Sekolah Dasar kelas 6. Aku tinggal di desa yang berada ...