Mangsa Halodo Panjang
Ku. Rhekasunda Permana
Beurang kacida ngabetrak ku panon poe..
Taya mangsa nu matak adem
Hanaang kana baham, hareudang kana badan
Waruga garing siga nu teu simbeuh ku cai
Bayeungyang kana rasa nu karandapan
Haseup jeung kekebul ngarungkup giwangkara nu rek midang
Siga mega nu rek mawa cihujan
Haleungheum nutup angkeub
Nu disangka sadur cur bakal kasiram
Beu singhoreng ....
ngan ukur haseup kekebul nu mancawura ka awang-awang
Jalma reang rumahuh..
Ngangluh kasusah jeung kapait nu karandapan
Sawah saat, susukan teu aya caian ..
Balong ngoletrak , walungan nerelek caina.
Pepelakan rea nu layu tuluy gugur nalambru
Teu kuat hirup teu aya kasimbeuhan hujan
Taneuh beulah teu karapet ku baseuhna cai
walungan leutik caina teu kacaahan.
Kieu geuning halodo nu panjang
Menta sabar jeung pengabdian tian sadaya mahluk Pangeran
Dicutat tina babangluh hate dina Halodo Panjang
Kalapanunggal, 30 September 2023
Tidak ada komentar:
Posting Komentar