Karyaku Pengabdianku

Rabu, 08 Maret 2023

Nu Di Sapa di Katulampa (Versi Bahasa Sunda)

 

“NU DI SAPA DI KATULAMPA”

Ku : Rhekasunda Permana

Dihiji tempat pernahna ditungtung belah wetaneun kampung Citatah nu ayeuna aya lapang tempat maen bal di Kampung Citatah Desa Kadununggal aya hiji tempat nu katelah namina Katulampa. Tah pernahna dieta tempat jaman bahela aya hiji kajadian anu matak  aheng nu tumiba ka urang Katulampa nu baheula, ngan duka leres duka henteu wallohu a’lam bisowab, naminana ge tina carita ka caritakeun deui. Jadi mun enya meureun jadi bahan renungan mun bohong sing janten catetan keur urang pikeun lumampah di alam dunya.

Kacarioskeun di eta tempat aya hiji kulawarga nu nganjrek di katulampa tengah kebon jauh kaditu kadieu. Sebat wae eta teh namina ma Icah sareng mang Ikin (namina samaran). Ari pakasaban ma Icah sareng mang ikin sapopoena kana tani. Indit isuk balik sore pikeun nyubadanan kahirupannana. Sanaos henteu beunghar kahirupan mang ikin sareng ma Icah henteu kakurangan, margi duanana sami-sami rajin dina nyiar pakasaban sareng tiasa ngamangfaatkeun sagala hasil tatanen kalayan tartib tur merenah, sahingga dina sagala usum jarang kakirangan ku dahareun da sok rajin ngamangfaatkeun hasil tatanina.

Mung aya nu hanjakal dina tabe’at  eta pasangan teh, mang ikin jalmina bageur resep tutulung kanu butuh nalang kanu susah, patojaiah sareng ma Icah margi ma Icah mah jalmina koret sareng tara daek tutulung kanu butuh sieun kurang dahar kurang inum mun dipake tutulung batur.

Dina hiji mangsa katulampa ngalaman musim paceklik nu kacida tarik, pepelakan garing taya nu bisa hirup, sasatoan seueur nu paraeh susah hakaneun. Cai nyusu saraat bakat ku tarik-tarikna halodo. Taneuh bareulah susah dipepelakan. Antukna katulampa dangdarateun.

Dina hiji poe mang ikin sareng ma Icah nuju ngarobrol meni uplek bangun nuju nyawalakeun hiji hal anu penting pisan.

“ Pa.., leuit teh asa gancang ngurangan eusina, padahal kamari kuring ningal masih rada ayaan keneh, naha ayeuna bet ngurangan dua pocong pare teh..?” ceuk ma Icah bari ngeselkeun sisig kabelah katuhu.

“ oh.. enya kamari mang Juned kadieu nukeuran pare cenah, tas dua poe cenah teu nimu beas keur dahareun, nya tuluy ku kuring teh diinjeuman karunya tuda “ ceuk mang ikin bari nyerebungkeun haseup kaluhur tuluy suruput cikopi hideungna diinum.

“Eeh..ari bapana naha teu ngomong heula ka kuring..! pan urang teh sidik keur panggih jeung musim naon ieu teh...” tembal ma Icah bari rada ngajangilek semu nu keuheul.

“Ma ...ulah sok sieun kakurangan da rizki mah Allah nu ngatur..” temal mang ikin leuleuy.

“Nyao ah....” ceuk ma ikin bari ngagates indit ka dapur tuluy ngasurkeun suluh didapur da keur ngahaneutkeun sangu nu kamari.

Nu ngobrol teu katutuluyan. Sabot ma Icah di dapur Mang Ikin mah teras ngagidig ka kebon teu malire kanu ngutruk murukusunu bari manyun bari ngasurkeun suluh. Sabot ma Icah ngasurkeun seuneu teu kanyahoan duka ti mana asalna ujug-ujug aya nu uluk salam : “Assalamualikum ...!”. nu ngasurkeun seuneu hare-hare da kasaeur sora ku nyengsreng sahengna cai tina seeng.

“Assalamuailkum......!”. ceuk eta sora tiluar. Gebeg ma icah ngagebeg sabab reuwas da keur anteng ngome suluh dina hawu bari keurmah samarukna mang ikin anu ngaheureuyan ngan ngabedakeun sora.

Lila-lila ma Icah panasaran tuluy anjeuna ngagidig ka tepas hareup samarukna mang Ikin heureuy, aya jalan komo meuntas bari mawa cai sagayung rek di banyurkeun satadinamah ka mang Ikin da asa dilejokeun meureun. Bari keuheul urut pare nu dua bocong tea.

Satepina ka tepas hareup pas muka panto, ma icah ngajenghok geuning sanes mang Ikin nu uluk salam teh, singhoreng hiji aki-aki kundang iteuk pakean rabet henteu pakeun, bari jeung bau goreng tangtung pikageuleuheun. Bari tawah towoh siga nu langlayeuseun eta aki-aki pok nyarita bari semu leuleuy :

“assalamualaikum nyai punten sugan aya rizki nu kersa dibagikeun ka kami, tas dua poe teu nimu dahareun aki teh “ ceuk si aki bari dareuda.

“Emh ...aki boro-boro bikeuneun kuring oge keur kakurangan, maap we nya ki...!” ceuk ma Icah semu teugeug.

“ Sugan atuh nyai kagungan sagelaaaas weh .....cai wae mah kanggo aki” saur si aki semu ngahelas.

“ Yeuh ieu we aki nu na gayung...!” ceuk ma Icah bari nyeblokeun cai kana pameunteu si aki.

“ Astagfirullahhal adziem” si aki istigfar bari ngusap dada, si aki nancebkeun iteukna bari teras ngusapan rarayna ku tungtung raksukan nu ruwak-rawek jeung dekil, bari pok si aki sasauran bari pameunteu alum : “ nyai, na kabina-bina teuing atuh ka aki teh, atuh mun teu rido mah keun bae teu kudu kieu-kieu teuing, kawas jalma nu teu boga tatakrama, bongkena biwir teu diwengku letah teu tulangan, sangeunahna ngahina batur teu aya pisan ras-rasan, bet kararitu urang dieu teh nya tabeatna”, tuluy si aki nyambung caritana, “keun timimiti ayeuna urang dieu sakumaha beungharna moal aya nu bisa nangtungkeun hirup ditungtung rukun agama islam..sanajan sakumaha beungharna, sabab geus ngamomorekeun rizki nu ngaleuya diaku euweuh... ngan hiji mangsa dimana aya zaman jeung tabéat jadi hade maka ieu supata bakal sirna” Pokna si aki bari bari ngaleos nyabut iteukan.

Langit ngaguruh, mega nutupan langit katulampa bari dibarung ngajelegerna sora gelap ngabentar ucap si aki siga nu nyatujuan kana supatana. Tah ti saprak harita urang dinya cenah ceuk sakaol mah sanaos sakumaha beungharna sawah upluk-aplak bru dijuru bro di panto ngalayah ditengah imah can aya nu kacarioskeun tiasa miang ka tanah suci, kantos eta ge aya nu bade miang ngan aya wae hahalang nateh, duka leres duka henteu ieu mah mung sakadar beja pa beja beja. Da geuning alhamdulillah ku tarékah sareng keyeng haté mah geuning ayeunamah tos kabuktoskeun geuning urang dinya teh tos aya nu tiasa miang ka tanah suci, hiji bukti yén éta beja teh ngan sakadar dongéng rékaan pikeun panggeuing ka urang dinya sareng kaurang sadaya supados langkung ati-ati dina milaku jeung milampah hiji pagawéan.

Sakitu nu kapihatur, rupina mung dugi kadieu ieu carios, langkung mung sakadar ukiran, lepat kumargi khayalan. Langkung saur bahe carek, mun kasinggung tong seeur nyarek, margi ieu mah mung sakadar dongeng kanggo ngabobodo anu bengeng.Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Salah Sangka

  SALAH SANGKA Karya : Aura Sucia Dinianti Hai namaku Aura, aku adalah seorang siswi Sekolah Dasar kelas 6. Aku tinggal di desa yang berada ...